Sanggeus dilakukeun pamariksaan sarat-sarat anu diancokeun ku unggal bakal calon bupati/wakil bupati Sumedang, ahirna mah KPU Daérah Sumedang netepkeun yén sakabéh bakal calon Bupati/Wakil Bupati téh lulus jadi Calon Bupati/Wakil Bupati Sumedang periodeu 2013-2018. Kadalapan pasang Calon Bupati/Wakil Bupati éta mibogaan hak pikeun maju dina Pemilukada 2013 anu bakal dilumansungkeun dina bulan Pébruari. Ieu kaputusan [...]
