Kenging Lies Tjandra Kancana Hujan ngaririncik basa Aisah datang ka imah indungna, bajuna rancucut, nempo indungna keur diuk dina balé di dapur bari nyisig, Aisah langsung nyuuh kana lahunan indungna. Nyegruk ceurik kanyenyerian dina lahunan indungna. Awakna ngagibrig siga anu kabulusan. Bari pinuh ku kanyaah ku indungna sirahna diusapan. Pok ngomong leuleuy “Aya naon deui [...]
