Sanggeus ngundeur XAMPP, saterusna mah XAMPP-na dipasang dina kompiuter anu bakal dipaké pikeun nyieun program dina web. Cara masangna gampang, sakumaha masang program anu séjénna (catetan: ieu mah masangna dina Windows). Tinggal klik waé dua kali payil program xampp-win32. Bakal kaluar jandéla cara masang XAMPP. Tina jandéla anu kaluar, tangtukeun map anu arék dijadikeun tempat [...]
