Ngamimitian nyobaan pangladén web anu geus dipasang dina kompiuter, sakalian nyobaan kodeu program anu didamel ku Kang Dian Tresna Nugraha (kodeu program anu diundeur ti loka sabilulungan). Payil SundaConv-1.1 meunang ngundeur téh dimekarkeun maké program paranti mekarkeun payil. Hasilna kaluar opat rupa payil nyaéta aksara_bg.gif, index.html, style.css katut SundaConv.js. Éta opat payil téh diperlukeun pikeun [...]
