Ngigel atawa ngibing teu bisa leupas tina anu diigelanana. Ngigel biasana mah osok dipirig ku tatabeuhan. Dina ngigel kudu nurut kana tatabeuhanana. Dina pakaitna antara tatabeuhan reujeung ngigel, aya hal anu jadi pangbébéda. Tatabeuhan henteu gumantung kana ngigel, sedengkeun ngigel biasana mah gumantung kana tatabeuhan. Tatabeuhan tetep bisa dilakonan sanajan taya anu ngigelan. Sabalikna, ngigel [...]
