Sanggeus ngundeur CodeIgniter tina situsna, wangunan payilna téh masih dina gémbolan (zip). Atuh kudu dimekarkeun heula éta payil téh. Sanggeus dimekarkeun, hasilna mangrupakeun kumpulan payil jeung map. Dina kasus CodeIgniter anu diundeur téh geus nepikeun kana pérsi 2.1.0, hasilna aya tilu map ditambah 2 payil: map application, system reujeung user_guide; payilna index.php jeung license.txt. Eta [...]
