Pikeun barudak mah anu pangdipikaresep lamun meuncit hayam téh taya deui salian ti atina. Teu anéh lamun sanggeus ngasakan dagingna, kolot téh osok misahkeun atina supaya henteu kadahar. Da éta téa, ati mah pikeun hancengan budak. Teuing naon sababna budak téh bet raresepeun kana ati. Ngan sigana mah, kusabab ati mah hipu henteu saperti daging [...]
