Paselangna peuting jeung beurang Unggal paselang jeung lolongkrang Mangsa-mangsa nu geus kasorang Mangsa-mangsa nu geus ka tukang Bati rasa nu matak ringrang Léngkah-léngkah pasoléngkah Kedal ucap henteu merenah Gindig pikir matak tugenah Sisi gigir robah kagebah Hareup tukang nambah salah Pagiling gisik unggal usik Kasigeung, ka halik-halik Unggal waktu unggal detik Ngaranjah anu lain milik […]
