Lain waktu anu kudu disalahkeun, lamun kaayaan ngalaman parobahan. Geus jadi hiji papastén, lamun waktu ngangkleung ngoloyong taya kendatna. Geus jadi hiji katangtuan, lamun waktu terus maju taya eureuna. Waktu ngalaman robah, kaayaan ogé pipilueun ngilu robah. Ieu meureunan anu disebut ‘dinamis’ téh. Kaayaan kahirupan di alam pawenangan henteu tetep renggenek kitu jeung kitu. Ti […]
