Bendungan Jatigedé nurutkeun rarancang anu anyar mah, bakal mimiti dipaké dina ping 1 Oktober 2013. Torowongan anu salila ieu dipaké kokocoran cai gaganti walungan saméméhna anu ngaliwatan bendungan téh bakal ditutup. Cai anu salila ieu ngocor terus téh sina minuhan patempatan di girangeun bendungan. Ngeunaan pangwangunana, ayeuna masih kénéh dipaju ku kontraktor ti nagri China, […]
