Ayana poroyék bendungan Jatigedé nyababkeun sababaraha tempat karamat anu aya di wewengkon Darmaraja, Wado jeung Jatigedé bakal kaeléb (kakeueum). Diitung-itung mah loba pisan tempat karamat anu kaasup Situs Cagar Budaya ieu téh, nepikeun ka 46 tempat atawa jinis. Kusabab kaasup Situs Cagar Budaya anu kudu dipiara jeung disalametkeun, éta Situs Cagar Budaya téh kudu dipindahkeun […]
