Nganjang ka wewengkon Batu Dua, sanajan ngaliwatan jalan anu ruksa katut dipapag ku poé anu panas bisa kaubaran ku éndahna alam wewengkon Sumedang. Patempatan béh wétaneun katut kaléreun Batu Dua anu upluk-aplak, pacampur antara pasawahan reujeung pasir, nambah éndahna tetempoan. Komo deui lamun bendungan Jatigedé geus ngajanggélék, baris katempo ngemplangna cai bendungan. Filed under: Sumedang […]
