Sakali-kali mah osok kawénéhan nempo motor anu gendut jeung pendék. Ceuk obrolan reujeung babaturan, cenah éta téh ngaranna Péspa (Vespa). Kaasup salahsahiji jinis motor kénéh, ngan béda reujeung motor bébék. Lamun motor bébék mah rada jangkung leutik, Péspa mah pendék jeung gendut. Naha bet ngaranna Péspa? Teu apal ogé. Ngan anu osok dipagunemkeun reujeung babaturan [...]
