Sanggeus réngsé ngayakeun Piala Dunia anu munggaran di nagri Uruguay dina taun 1930, ieu kajawaraan téh diteruskeun deui ku FIFA ku jalan ngayakeun Piala Dunia anu kadua dina taun 1934. Pikeun entragan kadua ieu, aya dua nagara anu marebutkeun hancengan pikeun jadi anu boga hajatna. Duanana mangrupakeun nagri ti wewengkon Éropah, nyaéta Itali reujeung Swédia. […]
