Poé ayeuna wanci pasosoré, Pérsib Bandung bakal tatandang ngalawan kleub Ayeyawady United. Pérsib kudu nyorog ka Stadion Youth Training Centre (YTC), dayeuh Yangon di nagri Myanmar. Ieu tatandang mangrupakeun tatandang kadua pikeun Pérsib Bandung sanggeus dina tatandang kahiji ngéléhkeun New Radiant di Bandung. Di grup H anu dieusi ku opat kleub, pikeun sawatara waktu mah […]
