Sakumaha diwartakeun ku Metrotvnews.com, salila lebaran taun ayeuna kandaraan sabangsaning treuk anu gedé teu meunang ngulampreng ka jajalanan di wewengkon Sumedang. Ieu panyaram téh diterapkeun mimiti lima poé saméméh lebaran (H-5) nepikeun ka lima poé satutas lebaran. Lamun aya treuk gedé anu maksakeun atawa ngahaja ngaliwat bakal dibéré hukuman (sanksi) anu beurat. Treukna bakal dikonci […]
