Anu resep ngadahar jéngkol mah biasa apal kana kecap jéngkoleun téh. Jéngkoleun bisa disebut panyakit anu diakibatkeun ku ngadahar jéngkol, naha ngadahar jéngkolna loba teuing atawa ngasakanana kurang asak. Malahan aya ogé anu nyebutkeun kusabab ngadahar jéngkolna dicampur antara anu meunang ngasakan reujeung anu atahan. Ngadahar jéngkol lamun saeutik mah biasana tara jadi panyakit anu [...]
