Campus Day Sumedang baris ngayakeun sawatara kagiatan dina entragan taun ayeuna 2016. Sawatara kagiatan anu baris dilaksanakeun téh nyaéta Seminar Motivasi, Presentasi Universitas, Kunjungan Stand Universitas, Stand Up Comedy, Bazar, jeung Ngabéwarakeun jawara pasanggiri fotografi. Ieu kagiatan bakal dilumangsungkeun di Gedong Induk Pusat Pemerintahan (IPP) Kabupatén Sumedang. Sedengkeun waktuna dina poé Ahad ping 7 Pébruari […]
