Kabeneran manggihan potrét di pésbuk anu mintonkeun kahirupan barudak anu keur arulin di buruan. Arulinna mah teu pira, ngan ukur ngagugusur budak séjén anu diuk dina palapah atawa dahan tangkal Jambé anu biasa disebut Upih. Dahan tangkal Jambé anu murag kusabab geus garing, biasana mah osok dipulung. Terus daun anu narapel dina dahanna diberesihan. Anu dikarikeun […]
