Anu suwung lain embung Anu copong lain pundung Nu ilang lain kapahung Nu poék lain kasarung Teu tenget teu wé kurunyung Éndahna soré ku layung Layung anu ngadon mayung Di mumunggang kulon hurung Lain cicirén pangjurung Keupat koréjat rék lawung Kahayang ulah diberung Pasolengkrahna dipulung Pamohalan nék satangtung Hémeng naha bisa jucung Apalna ngan sakalangkung [...]
