Lamun disaliksik mah, Sumedang téh miboga sababaraha rupa tempat anu kaasup titinggal baheula. Tempat anu mangrupakeun patilasan karuhun Sumedang baheula, anu ninggalkeun tapak pikeun diinget jeung diguar tapak lacakna. Tempat anu jadi saksi ayana karuhun Sumedang baheula, ti mimiti jaman Karajaan Sumedang Larang nepikeun ka ayeuna. Titinggal anu ditinggalkeun téh tangtuna ogé miboga niléy sajarah [...]
