Lamun kaparengan papada sarua dipanjangkeun umurna, taya deui anu dipiharep, kajaba bisa babarengan salilana atawa salila dibéré waktu ngajalankeun kahirupan. Ti mimiti babarengan ti keur ngora kénéh, nepikeun ka aki-aki nini-nini, bisa babarengan sabobot sapihanéan runtut raut sauyunan. Henteu nepikeun pegat di tengah jalan. Ngan ukur umur anu bisa megatkeunana. Kitu kalolobaan anu dipiharep ku [...]
