Ngomong Sunda mangrupakeun hiji ngaran pikeun aplikasi anu ngahaja dijieun pikeun di jalankeun dina hénpon Android. Ieu aplikasi téh bisa dipaké jadi kamus Basa Sunda dina hénpon Anndroid. Jadi salian ti aplikasi Basa Sunda (sakumaha anu geus dipedalkeun dina tulisan ti heula), nambahan deui aplikasi anu bisa dipaké pikeun narjamahkeun Bahasa Indonésia – Basa Sunda. [...]
